KODE IKLAN DFP 1 Narasi Atawa Caturan Basa Sunda | kumpulan ilmu dan pengetahuan penting

Narasi Atawa Caturan Basa Sunda

KODE IKLAN 200x200
KODE IKLAN 336x280
 Narasi atawa caturan mangrupa ihwal anu eusina nyaritakeun lumangsungna kajadian atawa p Narasi Atawa Caturan Basa Sunda

Narasi Atawa Caturan Basa Sunda, Narasi atawa caturan mangrupa ihwal anu eusina nyaritakeun lumangsungna kajadian atawa insiden kalawan ngaruntuy, boh nu sipatna nyata (faktual) boh  nu sipatna rékaan (imajinatif). Kajadian kajadian carita téh disusunna, dipatalikeunana, heula pandeurina, jeung  dirékana dina wangun carita nepi ngawujud fiksi nu gembleng. Sasaran utamana nya  éta tingkah polah nu diracik jeung diruntuykeun jadi hiji kajadian dina gunggungan waktu. Ku kituna, ihwal narasi dapat dipaké ngajawab pananya Naon anu geus kajadian?"

Aya dua rupa narasi, nya éta narasi ékspositoris jeung narasi sugéstif. Narasi ékspositoris miboga ciri-ciri, di  antarana, dipaké keur ngajembaran kaweruh jeung nepikeun wawaran kajadian, dumasar kana daya nalar geusan  ngahontal kasaluyuan rasional, basana informatif, jeung kecap-kecapna dénotatif. Sabalikna, narasi sugéstif miboga ciriciri,  di antarana,  dipaké keur nepikeun amanat nu nyamuni, dumasar kana daya hayal  geusan ngahontal kasaluyuan imajinatif, nalar ngan ukur alat keur nepikeun ma‘na, basana figuratif, jeung kecap-kecapna konotatif. 
Contona:
Harita téh kuring tos nyaba, kabeneran leungeun téh teu jingjing teu bawa, nya rék naék ojég wé cékéng téh.Brang geus deukeut ka pangkalan ojég, katingali aya ibu-ibu keur pepeta, sangkaan téh keur ngobrol biasa wé jeung  tukang ojég. Tapi barang didédéngékeun téh geuning keur nyarékan tukang ojég. (Manglé No. 1950:69)
KODE IKLAN 300x 250
close
==[ Klik disini 1X ] [ Close ]==
KODE IKLAN DFP 2
KODE IKLAN DFP 2