KODE IKLAN DFP 1 Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Aksara B | kumpulan ilmu dan pengetahuan penting

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Aksara B

KODE IKLAN 200x200
KODE IKLAN 336x280
Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf B Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf B

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf B

Babalik pikir.
Hartina : Tadina goréng ayeuna mah jadi hadé. Tadina ngedul, ayeuna mah jadi getol jst.

Balég tampelé.
Hartina : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana, gedé kénéh kaéra.

Bali geusan ngajadi.
Hartina : Tempat dilahirkeun.

Balik ngaran.
Hartina : Ngadon maot di lembur batur. Nu balik téh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.

Balung kulit, kotok meuting.
Hartina : Teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur, caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.
Hartina : 1. Béak karep ku rido. 2. Bérésih haté.

Bancang pakéwuh.
Hartina: Kasusah atawa karerepet. Sasarina mah ngeunaan kasusah atawa karerepet anu galedé baé.

Banda tatalang raga.
Hartina : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upamana, euweuh halanganana urang ngajual barang nu aya pikeun ngabdla diri, meuli ubar sangkan waras.

Banteng ngamuk, gajah méta.
Hartina: Naon baé atawa saha baé anu dipikasieun ku urang.

Batok bulu eusi madu.
Hartina:
.  Nyolong bade, teu cocog jeung taksiran. Siga miskin, tapi beunghar. Siga bodo, tapi pinterjst.
 . Ari nilik kana rupana mah goréng éta jelema téh, ngan haténa jeung uteukna mah hadé.

Batu turun, keusik naék.
Hartina : Loba turunan ménak anu teu jareneng, tapi sabalikna loba turunan somah anu jareneng.

Belang bayah = Gindi pikir belang bayah
Hartina : Boga pikiran goréng ka pada kawula.

Béngkok tikoro.
Hartina : Ku karena aya halangan, rejeki anu geus nyantong ogé, euweuh deui.

Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok.
Hartina : Babarengan hina, cilaka atawa rugi.

Bentik curuk balas nunjuk.
Hartina : Ngan maréntah baé ka batur, ari prak ku manéh mah henteu.

Beurat birit.
Hartina : Hésé jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeun inya.
Hartina: Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku verbal atawa tulisan. Anging Gusti anu tingali.

Beureum paneureuy = Seuseut batan neureuy
Hartina : Hésé pisan (seuseut-seuat) ngahasilkeun maksud.

Beuteung anjingeun.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu beuteungna cara beuteung anjing. .

Bilatung ninggang dagé.
Hartina : Meunang kauntungan.

Bilih aya tutus bengkung.
Hartina : Bilih lepat pokpokanana.

Bisa mihapékeun maneh.
Hartina : Hade tingkah-polahna jeung budi-basana, nepi ka batur teh nyaaheunjeung resepeun.

Biwir nyiru rombengeun.
Hartina : Resep ngucah-ngacehkeun rasiah wa kaaéban, boh nu sorangan, boh nubatur.

Biwir nyiru rombéngeun.
Hartina : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

Biwir sambung lémék, suku sambung lengkah.
Hartina : Henteu milu-milu kana tanggungjawabna mah; ieu mah ngan saukur mangnepikeun; dumeh jadi utusan, ngemban timbalan nu lian.

Bluk nyuuh, blak nangkarak.
Hartina : Kabina-bina rajinna, dina enggoning nyiar kipayah.

Bobo sapanon, carang sapakan.
Hartina : Aya kuciwana, karena aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobor karahayuan.
Hartina : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

Boga pikir kaping burih.
Hartina : Boga kahayang anu datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.

Bohong dirawuan.
Hartina : Kacida rahulna.

Bonténg ngalawan kadu.
Hartina:

  • Nu leutik ngalawan nu gedé. . 
  • Nu handap ngalawan nu luhur. . 
  • Nu lembék ngalawan nu kuat... 
  • Somah ngalawan ménak. 
  • Tangtu éléhna.

Buah ati.
Hartina : Pohara dipikanyaahna. (Ngeunaan ka jelema wungkul).

Buburuh nyatu diupah béas.
Hartina : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah.
Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, tapi sok daék cukat-cokot(ceceremed).

Buluan belut, jangjangan oray.
Hartina : Pamohalan kajadian.

Bungbulang tunda.
Hartina : Tunda talatah. Lamun dititah, tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.

Buntut kasiran.
Hartina : Korét.

Buntut kasiran.
Hartina : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan barangbéré.

Bur beureum, bur hideung, hurung nangtung, siang leumpang.
Hartina : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké

Buruk-buruk papan jati.
Hartina : Ka teman atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahanana téh.

KODE IKLAN 300x 250
close
==[ Klik disini 1X ] [ Close ]==
KODE IKLAN DFP 2
KODE IKLAN DFP 2