KODE IKLAN DFP 1 Dongeng Si Kabayan Ngala Nangka | kumpulan ilmu dan pengetahuan penting

Dongeng Si Kabayan Ngala Nangka

KODE IKLAN 200x200
KODE IKLAN 336x280
 Dongeng Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan Ngala Nangka
Si  Kabayan  dititah  ngala  nangka  ku  mitohana.  “Nu  kolot  ngala  nangka  téh, Kabayan!” Ceuk mitohana.   Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus ndeso hiji tur gedé pisan.  Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna. 

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. 

Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus ndeso ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana. 
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya. 

“Har,  naha  can  datang  kitu?  Apan  tadi  téh  dipalidkeun  dititah  balik  ti  heula, ceuk Si Kabayan téh. 

“Ari  manéh,  na  mana  bodo-bodo  teuing.  Moal  enya  nangka  bisa  balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan. 

“Wah  nu  bodo  mah  nangkana,  kolot-kolot  teu  nyaho  jalan  balik,”  ceuk  Si Kabayan bari ngaléos. 

(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk, )
KODE IKLAN 300x 250
close
==[ Klik disini 1X ] [ Close ]==
KODE IKLAN DFP 2
KODE IKLAN DFP 2