KODE IKLAN DFP 1 Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah | kumpulan ilmu dan pengetahuan penting

Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah

KODE IKLAN 200x200
KODE IKLAN 336x280
 di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah

Jaman baheula, di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan, aya sakadang kuya keur meresihan sisi-sisi kebon nu kahieuman ku tangkal nu ngajajar jadi pager. Gobras-gobras dicacar maké congkrang.
Si Ambu kuya keur ngaliwet di kolong saung ranggon. Liwet ditumpangan ku peda beureum, maké salam, séréh, bawang beureum. Teu lila kaambung seungit.
“Ambu, asak liwet téh?" Pa Kuya ngagorowok.
“Asak, Bapa!" 
Pa Kuya nyampeurkeun ka saung.

Di pasir, Kuya téh ngebon ngahuma. Talingtrim baé hirupna. Sakapeung-kapeungeun sok aya babaturan Pa Kuya nu sarua ngahuma.
Pihujaneun geus ngagayot hideung di langit beulah kidul. Gebrét hujan gedé. Kitu deui, angin ngagalebug. Jigana angin puyuh sedih puting beliung. Angin téh ngapungkeun saung. Awut-awutan. Kajadian kitu téh geus sababaraha kali. Puguh baé matak capé, matak rieut. Tapi, Pa Kuya sok ngoméan deui-ngoméan deui imahna.

Pa Kuya jeung Ambu Kuya, ahirna sok malikir kumaha carana sangkan imahna teu beunang ku musibah. Karasana geus capé.

Keur kitu aya nu pupuntenan dina papanggé. Singhoréng sakadang monyét, sobatna. Sanggeus lila ngobrol, sakadang kuya nanyakeun, kumaha carana nyieun imah nu aman.

“Kieu was atuh Pa Kuya, Ambu kuya, imah téh kudu nu dapat dibabawa".
“Dibawa kumaha?" Kuya ngarasa héran.
“Sokjieun imah sasoranganeun-sasoranganeun!"
Sanggeus kitu kuya nyieun imah dibantuan ku monyet.

imah geus anggeus.
“Terus kumaha?"
“Tah cuilan hareup diliangan sasiraheun baé. Supaya, dapat ngelok nyumputkeun sirah. Kitu deui, dapat nololkeun sirah. Jadi, dapat nolol nempo ka luar, jeung dapat nyumputkeun sirah bari ngelok.

Sanajan mimitina mah ugal-ugil merenahkeun imah dina tonggong téh, ahirna si kuya ngarasa kondusif ngagandong imah téh. Malah nepi ka ayeuna. Salian ti sakadang kuya apan si penyu di bahari ogé mamawa imah. Sakadang kuya, béak nganuhunkeun ka sobatna, sakadang monyet.

(diropéa deui ku Eulisano tina kumpulan dongéng sasatoan)
KODE IKLAN 300x 250
close
==[ Klik disini 1X ] [ Close ]==
KODE IKLAN DFP 2
KODE IKLAN DFP 2